Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
8 April nyaéta poé ka-98 dina sataun (ka-99 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 267 poé.
- 217 – Kaésar Romawi Caracalla ditelasan, tuluy diganti ku pajabat Pongawa Pretorian-na, Marcus Opellius Macrinus.
- 1232 – Perang Mongolia-Jin: Urang Mongolia ngamimitian pangepungan ka Kaifeng, puseur nagri Dinasti Jin.
- 1271 – Di Syria, Sultan Baibars nalukkeun Bénténg Krak des Chevaliers.
- 1783 – Catherine II ti Rusia nyapluk Kriméa.
- 1796 – Carl Friedrich Gauss, matematikawan Jérman, ngabuktikeun hukum timbal balik kuadrat.
- 1820 – Patung Venus de Milo katimu di Pulo Aegean di Milos.
- 1832 – Perang Black Hawk: Kira-kira tilu ratus urang pasukan Infantri Ka-6 Amérika Sarikat miang ti St. Louis, Missouri, pikeun nyanghareupan urang Indian Sauk.
- 1866 – Italia jeung Prusia ngagabung pikeun ngalawan Karajaan Austria.
- 1904 – Perancis jeung Karajaan Inggris néken pasini Entente cordiale.
- 1906 – Auguste Deter, jalma nu munggaran didiagnosis Alzheimer, maot.
- 1911 – Fisikawan Walanda, Heike Kamerlingh Onnes manggihan superkonduktivitas.
- 1924 – Pangadilan Syariah dibubarkeun di Turki, dina raraga réformasi Ataturk.
- 1942 – Perang Dunia II: Pangepungan Leningrad: Pasukan Soviét muka jaringan rél karéta ka Leningrad.
- 1942 – Perang Dunia II: Jepang ngarebut Bataan di Philipina..
- 1950 – India jeung Pakistan néken Pakta Liaquat–Nehru.
- 1953 – Pamingpin Mau Mau, Jomo Kenyatta disidang ku pangawasa Kénya Inggris.
- 1954 – Pasawat Harvard Canadair nu Angkatan Udara Royal Kanada diadu jeung pasawat Canadair North Star Maskapai Trans-Kanada di saluhureun Moose Jaw, Saskatchwan, nelasan 37 jalma..
- 1961 – Hiji beledugan disaluhureun Kapal MV Dara di Teluk Parsi nelasan 238 jalma.
- 1968 – Gangsters Henry Hill jeung Jimmy Burke ngagarong Maskapai Perancis, nyokot duit $420.000.
- 1970 – Pangeboman sakola Bahr El-Baqar: Para pangebom Israél nyerang hiji sakola di Mesir. Opat puluh hiji budak sakola palastra.
- 1983 – Di hareupeun 20 turis, David Copperfield ngaleungitkeun Patung Liberty.
- 1993 – Républik Makedonia Kalér ngagabung ka PBB.
- 2006 – Pangbantéyan Shedden: Mayit dalapan jalma nu kabéhanna ditémbak, katimu di hiji tegal di Shedden, wilayah Elgin, Ontario. Rajapati ieu langsung dikaitkeun jeung Kleub Motor Bandidos.
- 2008 – Pangwangunan gedong panyakar langit nu ngahiji jeung turbin angin di Bahrain (Bahrain Trade Center), anggeus.
- 2013 – Nagara Islam Irak aub kana Perang Sodara di Syria sarta nyatakeun ngagabung jeung Front Al-Nusra maké ngaran Islamic State of Iraq and ash-Sham (ISIS).
- 2019 – Opat welas ton kulit tina 36.000 peusing nu diselendepkeun katimu di Singapura, panggedé-gedéna panyelendepan kulit peusing nu kungsi katimu di dunya.
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|